الْحَمْدَ للهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ
وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِأَنْفُسِناَوَمِنْ سَيِّئَاتِ
أَعْمَالِنَا. مَنْ يَهْدِ الله فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ
هَادِيَ لَهُ. أَشْهَدُ أَن لاَّ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيكَ لَهُ،
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُ اللهِ وَرَسُولُهُ .
اللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَيْهِ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحابِهِ
أَجْمَعِينَ، وَالتَّابِعِينَ لَهُمْ بإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ.
أَمَّا بَعْدُ: فَيَا عِبَادَ اللهِ
أُوصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ اْلمُتَّقُوْنَ. قَالَ اللهُ
تَعَالَى: اللَّهُ الَّذِي خَلَقَكُمْ ثُمَّ رَزَقَكُمْ ثُمَّ يُمِيتُكُمْ ثُمَّ
يُحْيِيكُمْ هَلْ مِن شُرَكَائِكُم مَّن يَفْعَلُ مِن ذَلِكُم مِّن شَيْءٍ
سُبْحَانَهُ وَتَعَالَى عَمَّا يُشْرِكُونَ. ظَهَرَ الْفَسَادُ فِي الْبَرِّ
وَالْبَحْرِ بِمَا كَسَبَتْ أَيْدِي النَّاسِ لِيُذِيقَهُم بَعْضَ الَّذِي
عَمِلُوا لَعَلَّهُمْ يَرْجِعُونَ. قُلْ سِيرُوا فِي الْأَرْضِ فَانظُرُوا كَيْفَ
كَانَ عَاقِبَةُ الَّذِينَ مِن قَبْلُ كَانَ أَكْثَرُهُم مُّشْرِكِينَ
Hadirin jamaah Jum’ah Rohimakumulloh.
Hayu urang regepkeun kana pidawuh Alloh nu
sakumaha diaoskeun khatib tadi:
“Nya Alloh anu ngayugakeun maraneh, tuluy Anjeuna
anu maparin rejeki ka maraneh, tuluy Anjeuna anu bakal mateni maraneh, tuluy
anjeuna anu bakal ngahirupan deui maraneh. Naha aya ti antara sarekat-sarekat
maraneh anu magawe perkara nu karitu? Maha suci Anjeuna jeung maha Luhung tina
saniskara anu ku maraneh disarekatkeun. Geus timbul karuksakan di darat jeung
di laut alatan pagawean leungeun manusa, anu balukarna Alloh nibankeun ka
maraneh (wawales-tina) sabagian anu ku maraneh dilampahkeun, supaya maranehna
babalik pikir. Pok caritakeun, “Jeung maraneh geura ngalalana di ieu bumu,
tuluy titenan kumaha balukarna jalma-jalma baheula anu kalolobaanana
jalma-jalma musyrik”. (Q.S. al-Rum : 40-42)
Upama dititenen sakumaha dawuhan di luhur,
estuning ngagaduhan ma’na nu jero pisan. Siklus kahirupan, masalahkaruksakan
jeung palajaran tina kahirupan manusa samemehna pikeun eunteung ayeuna.
Dina tilu ayat di
luhur, Alloh negeskeun ka manusa, yen ‘ngayugakeun kahirupan’ , ‘nyiptakuen
rejeki’ ajang bekel hirup, ‘maot’ jeung ‘datangna poe kiyamah’ sadayana
mangrupa sunnatulloh, sarta teu aya deui anu kawasa pikeun ngarobahna
anging ku kakawasaan Alloh SWT. Sedengkeun ari masalah karuksakan di darat
jeung di laut nu jadi sabab pagawean manusa, nu saterusna timbulna kaayaan nu
sarwa kurang jeung ilangna sareat pirijkieun, eta mah sanes kalebet
sunnatulloh, tapi alatan paripolah manusana sorangan nu teu nyekel pageuh naon
nu sabenerna tugas manusa salaku khalifah. Alatan polah manusa saperti kitu
oge, cirining manusa geus teu mampuh ngayakinkeun yen nu ngayugakeun ieu alam
jeung nu salawasna nu maparin pituduh teh Alloh SWT.
Hadirin Jamaah Jum’ah rohimakumulloh.
Bukti-bukti arkeologis nu hasilna dikumpulkeun ku
para elmuan tina sababaraha situs purbakala geus nuduhkeun, yen manusa modern
teh nu hirupna aya diluhureun fosil sejarah peradaban generasi manusa nu mampuh
ngawangun kamajuan jeung karaharjaan, tapi maranehna ancur nu leuwih-leuwih
alatan naon nu geus dilakukeun. Di sagara keusik Arabia, di sababaraha dasar
lautan, sarta dihandapeun tumpukan lava gunung Vesuvius geus kapanggih ayana
titinggal peradaban manusa nu diperkirakeun ngadadak ancur.
Dina Al-qurana seueur disebutkeun bangsa-bangsa
nu diancurkeun alatan paripolah manusana sorangan nu mengpar tina moral jeung
akidah musyrik tea. Naha kumaha atuh hubungan kamusyrikan jeung karuksakan di
muka bumi ieu teh?
Alloh nu maha ngayugakeun sadayana alam, Anjeuna
geus ngatur kumaha tatanan nu mangrupa sunnatulloh. Alloh nu maha miara,
nu ngajaga, tempatna panyalindungan. Alloh geus ngatur kalawan
ditetepkeun ayanan hukum alam nu disebut sunna tasbudiyyah (kausalitas)
kalawan sampurna. Alloh tempat pangbalikan sakabeh makhluk-Na. Ku kituna ku
urang kedah teguh dina kayakinan yen teu aya deui pangeran nu ngajaga ieu alam
anging aya dina pangjagaan Alloh, teu aya deui pangeran nu ngatur ieu alam
jeung eusina anging aya dina pangaturan Alloh, ieu namina tauhid rububiyyah. Yakin yen teu aya deui
pangeran nu wajib disembah angin hiji-hijina dzat Alloh, ieu namina tauhid ubudiyyah. Jeung yakin, yen
Alloh mung hiji-hijina pangeran kalawan teu aya nu bisa nyarekatan, ieu namina tauhid uluhiyyah.
Hadirin Jamaah Jum’ah rohimakumulloh.
Alatan kabodoan manusa srta lolong dina
kayakinan, henteu paham ka nu nyiptakeun, ka nu ngapimilik, sarta ka nu jadi
puserna katoatan, ahirna manusa aya dina kaayaan nu linglung kalawan teu mampuh
dina nyepeng amanah kakhalifahan nu samistina.
Alatan kabodoan manusa oge, ahirna katalimbeng
nepi ka makhluk dijadikeun “Tuhan” jeung manusa sorangan ngajadikeun sumberna
bebeneran malahan ngajadikeun pangeran. Nu kieu ngaranna musyrik, nu jadi asal
mula ditibankeunana sagala musibah.
Manusa oge dina ngolah jeung ngamangpaatkeun alam
ieu, boh di darat boh di laut geus ngarasa jadi milikna sorangan, heunte
ngarasa yakin yen saleresna Alloh nu maha ngapimilik. Nepi ka maranehna ngarasa
mampu ngandalikeun akibat nu geus dilakukeunana. Ku kituna kasarakahan
jeung kasenangan geus jadi pangeran maranehna. Maranehna deui sombong,
ngajadikeun yen elmu pangaweruhna hiji-hijina pituduh hirup sorangan. Nu kieu
disebut kamusyrikan dina harti nu leuwih luas. Kitu deui alatan pamadegan eta,
nu ngabalukarkeun timbulna musibah di alam semesta ieu.
Ku kituna, kahartos pisan, naon tiap Nabi jeung
Rosul salawasna nyandak risalah tauhid nu jadi puseurna kasalametan manusa.
Alatan kayakinan ka Alloh, manusa bakal mampuh ngajalankeun khalifah di muka
bumi.
Hadirin Jamaah Jum’ah rohimakumulloh.
Karuksakan pagawean manusa nu ngabalukarkeun
timbulna musibah caah, mangka hakekatna mah kaimanan manusa aya dina kayaan
ruksak, musyrik. Sedengkeun timbulna karuksakan tauhid oge sumberna tina
kabodoan manusa heunte apal dina perkara saha nu saleresna nyiptakuen ieu alam
jeung teu apal kana ngaran-ngaran nu ku Alloh geus diturunkeun ka Nabi Adam
nalika diciptakeun sarta ditugaskeun jadi khalifah.
Ku kituna nyalametkeun alam tina karuksakan, ieu
the tanggung jawab manusa, tugas salaku khlaifah, tugas urang yakin ka Alloh
sarta tanggung jawab karana manusa geus dipasihan apal kana ngaran-ngaran
potensi alam ieu.
وَلَوْ أَنَّ أَهْلَ الْقُرَى آمَنُواْ
وَاتَّقَواْ لَفَتَحْنَا عَلَيْهِم بَرَكَاتٍ مِّنَ السَّمَاءِ وَالأَرْضِ
وَلَـكِن كَذَّبُواْ فَأَخَذْنَاهُم بِمَا كَانُواْ يَكْسِبُونَ
“Cacakan pangesi eta nagri ariman sarta
takwa, tanwande Kami maparin kurnia ka maranehna rupa-rupa berkah ti langit
jeung bumi, tapi maranehna ngabohongkeun. Nya Kami nibankeun siksaan ka
maranehna alatan saniskara nu geus diusahakeun ku maranehna”. (QS. Al-A’rof:
96)
بارك الله لي و لكم في القرأن العظيم و نفعني
و اياكم بما فيه من الأيات و ذكر الحكيم و تقبل مني و منكم تلاوته انه هو السميع
العليم أقول قولي هذا واستغفر الله العظيم لي و لكم .
Khutbah kadua:
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ اِحْسَانِهِ
وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَاَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلَهَ
اِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا
مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ
وِعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
اَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا اَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى
وَقَالَ تَعاَلَى اِنَّ اللهَ وَمَلآ ئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ اَبِى بَكْرٍوَعُمَروَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ اَعِزَّ اْلاِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ اَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ اِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. عِبَادَاللهِ ! اِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِى اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرْ

Sapalih Tugas Kanjeng Rasull
السلام عليكم
………. الخ
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى وَفَّقَ
الْعَامِلِيْنَ بِطَاعَتِهِ فَوَجَدَ سَعْيُهُمْ مَشْكُوْرًا. اَشْهَدُ اَنْ
لاَاِلهَ اِلاَّ اللهُ الَّذِى خَلَقَ كُلَّ شَيْئٍِ فَقَدَّرَهُ تَقْدِيْرًا
وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيَّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَاحِبُ اْلإِسْرَى
( اَمَّا بَعْدُ ) فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّاىَ
بِتَقْوَى اللهِ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ
الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ : يَااَيُّهَا النَّبِىُّ اِنَّا
اَرْسَلْنَاكَ شَاهِدًا وَمُبَشِّرًا وَنَدِيْرًا وَدَاعِيًا اِلَى الله
بِإِذْنِهِ وَسِرَاجًا مُنِيْرًا
Hadirin
Sidang Jum’at Rahimakumullah. Ngalangkungan khutbah awal anu kalawan ringkeus
ieu
Ari sadaya
puji eta tetep kagungan Allah swt, anu parantos maparin taufik ka jalma-jalma
anu ngamalkeun kalawan kataatana, tuluy maranehna manggihan tarekahna kalawan
syukur. Sim abdi nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak
disembah anging gusti Allah, anu parantos nyiptakeun sagala sesuatu tur
nangtukeun kalawan takdirna. sareng sim abdi nyaksian kana yen saestunya
kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hambana Allah sareng RasulNa anu ngagaduhan
isra.
Saparantosna
ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw.
kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna kanggo
hadirin sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami ningkatkeun kana
kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal kabahagiaan dunia
sareng akherat.
Tina sapalih
ajaran taqwa mangga urang sami-sami ngalenyepan kana dawuhan Allah swt. dina
surat Al-Ahzab ayat 45-46
Wahai Nabi
saestuna kaula anu agung ngutus anjen piken jadi saksi sareng anu mawa kabar
bungah sareng anu mere peringatan sareng pikeun anu ngajak kana agama Allah
kalawan izin mantena jeng pikeun jadi cahaya anu nyaangan.
Tina ayat
diluhur tiasa dipahami bahwa sapalih misina kanjeng rasul swt diutus Allah ka
muka bumi aya genep :
1.
Syaahidan = janten saksi
أي عَلَى
أُمَّتِهِ يَشْهَدُ لِمَنْ صَدَّقَهُ وَآمَنَ بِهِ وَعَلَى مَنْ كَذَّبَهُ
وَكَفَرَ بِهِ
Janten urang
sadaya moal tiasa ngahelah eungkin dina poe kiamah nalika didakwa dipayunan
mahkamah rabbul izati. Lamun tea mah hiji jalma didakwa ku Allah kunaon anjeun
ibadah teu make elmu, terus eta jalma ngajawab “ da abdimah teu terang” torojol
saksi kan ari tugas saksi the pikeun nembongkeun/ngajelaskeun perkara nu
teu katingali/samara.
طَلَبُ الْعِلْمِ فَرِيْضَةٌ عَلَى
كُلِّ مُسْلِمٍ وَمُسْلِمَةٍ. اُطْلُبُوْا الْعِلْمَ وَلَوْ بِالصِّيْنِ. اُطْلُبِ
الْعِلْمَ مِنَ الْمَهْدِ اِلَى اللَّحْدِ
2.
Mubasyiron = alat pangbubungah
للمؤمنين
برحمة الله وبما أعدّه لهم من جزيل الثواب وعظيمِ الأجر
مَنِ
انْتَقَلَ لِيَتَعَلَّمَ عِلْمًا غُفِرَ لَهُ قَبْلَ اَنْ يَخْطُوَ. مِنْ خَرَجَ
لِطَلَبِ الْعِلْمِ كَانَ كَالْمُجَاهِدِ فِى ….
3.
Nadiron= alat panyingsienan
للكافرين
والعصاة بالنار ، وبما أعدّه الله لهم من عظيم العقاب
مَنْ شَرِبَ
الْخَمْرَ مُمْسِيًا اَصْبَحَ مُشْرِكًا وَمَنْ شَرِبَهَا مُصْبِحًا اَمْسَى
مُشْرِكًا. كُلُّ دَنْبٍ يُؤَخِّرُهُ اللهُ اِلاَّ عُقُوْقَ الْوَالِدَيْنِ
فَاِنَّهُ يُعَجِّلُهُ فِى الْحَيَاةِ قَبْلَ الْمَمَاتِ
4.
Da’ian Illallah Biidnih = anu ngajak kana agama Allah kalawan izina
يدعو عباد
الله إلى التوحيد والإيمانِ بما جاء به ، والعملِ بما شرعه لهم
Dakwahna
kanjeng rasul ngajak kanu jadi umatna salami 23 tahun alam dunya beres
roes Al-Qur’an 30 juz disebarkeun dikolong langit angeus.
Tah upami
suswa urang tos 30 tahun parantos sabaraha jalma urang ngislamkeun maranehna.
5.
Sirojam Muniiro = janten sinar anu nyaangan
Surokoh anu
niat ngabunuh Nabi jadi Iman
Anu tukang
nyiduhan jadi Iman
أي : كالسِّراج المضيء في الظلمة يُهتدى به
Aya hiji suami istri dongkap kakanjeng rosul ngadukeu kana masalah rumah
tangga anu dihadapina, sareng niat cerai. Beres kaluar ti bumi rosul eta jalmi
rukun damai deui.
Mudah-mudahan
ngalangkungan khutbah awal ieu urang sadayana tiasa ngenteng tur kaintropeksi
diri, kunaon sabab ari Nabi nyebarkeun agama asa kugampang2 teuing ari urang
meni asa hese beleke.
بَارَكَ
اللهُ لِيْ وَلَكُمْ بِاْالآيَاتِ وَالذِّّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّى
وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَقُلْ رَبِّّ
اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ. ….
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى تَفَرَّدَ
بِالْعِزِّ وَالْجَلاَلِ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى مُنْقِدِ مِنَ
الضَّلاَلِ وَعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ خَيْرِ آلٍ. ( اَمَّا بَعْدُ ) فَيَا
اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ
الْمُتَّقُوْنَ. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ
الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ : اِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِىّ
يَااَيُّهَا الَّذِيْنَ آَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا.
اللهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَيْهِ اَمِيْن يَااَللهُ يَارَب العالمين:
اَللهُمَّ
اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُوْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ
اَلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ اِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ
الدَّعْوَاتِ. اَللهمَّ اَعِزِّ اْلإِسْلاَمَ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَيَسِّرْ
مَقَاصِدَهُمْ فِيْمَا الْتَمَسُوْهُ لإِصْلاَحِ أُمُوْرِ الدُّنْيَا وَالدِّيْنِ
اللهمَّ انْصُرْ مَنْ انْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ
الْمُسْلِمِيْنَ وَاجْعَلِ اللهمَّ بَلْدَتَنَا هَذِهِ آمِنَةً مُطْمَئِنَّةً
وَسَائِرَ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ رَبَّنَا اَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا
وَثَبِّتْ اَقْدَامَنَا وَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِيْنَ رَبَّنَا
آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ
النَّار. وَالْحَمْدُ لِلّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
عِبَادَ اللهِ اِنَّ اللهَ يَأْمُرُ
بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَاِيْتَاءِ ذِى الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ
الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْىِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ
تَذَكَّرُوْنَ.فَاذْكُرُوْا اللهَ يَذْكُرْكُمْ وَاسْأَلُوْهُ مِنْ فَضْلِهِ
يُعْطِكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرُ. اَسْتَغْفِرُ اللهَ لِى وَلَكُمْ
وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ
Kaunggulan Tafakur
السلام عليكم
………. الخ
اَلْحَمْدُ
للهِ الَّذِى وَفَّقَنَا لأَدَاءِ اَفْضَلِ الْعِبَادَاتِ وَاَوْقَفَنَا عَلَى
كَيْفِيَةِ اكْتِسَابِ اَكْمَلِ السَّعَادَاتِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَاِلهَ اِلاَّ
اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ رَبُّ اْلأَرْضِيْنَ وَالسَّمَاوَاتِ وَاَشْهَدُ
اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَلْمُؤَيَّدُ بِأَفْضَلِ
اْلآيَاتِ وَالْمُعْجِزَاتِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَعَلَى آَلِهِ وَاَصْحَابِهِ
بِحَسَبِ تَعَاقُبِ اْلأَوْقَاتِ وَالسَّاعَاتِ.( اَمَّا بَعْدُ ) فَيَا اَيُّهَا
الْحَاضِرُوْنَ. اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ عَلَى مَمَرِّ الدُّهُوْرِ
وَاْلأَوْقَاتِ. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ
الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ : قُلِ انْظُرُوْا مَاذَا فِي السَّمَاوَاتِ وَاْلأَرْضِ
وَمَا تُغْنِي اْلآيَاتُ وَالنُّذُرُ عَنْ قَوْمٍ لاَ يُؤْمِنُوْنَ
Hadirin
Sidang Jum’at Rahimakumullah. Ngalangkungan khutbah awal anu kalawan ringkeus
ieu
Ari sadaya
puji eta tetep kagungan Allah swt, anu parantos mafarin taufek kaurang sadaya
piken ngalakonan kana pangutamina pirang-pirang ibadah, tur merenahkeun ka
urang sadaya kana kaifiyah kasab anu pangsampurna-sampurna kabagjaan. Sim abdi
nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak disembah anging gusti
Allah, bari sahiji Dzatna teu aya anu ngarencangan kamanteNa anu ngurus
pirang-pirang bumi sareng pirang-pirang langit, sareng sim abdi nyaksian kana
yen saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hambana Allah sareng RasulNa anu
dikokohkeun kalawan pirang-pirang S ayat sareng pirang-pirang
mu’jizat. Mugia Allah maparin rahmat ka kanjeng Nabi Muhammad saw. ka
kulawargina para sahabatna kalawan ngitung-ngitung gunta-gantina pirang2 waktu
sareng pirang-pirang saat.
Saparantosna
ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw.
kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna
kanggo hadirin sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami
ningkatkeun kana kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal
kabahagiaan dunia sareng akherat.
Tina sapalih
ajaran taqwa nyaeta TAFAKUR kana ayat-ayat Allah, anu dimaksad ku tafakur
nyaeta :
تَصرفُ
القلبِ فى معانى الأشياء لدرك المطلوب
Molahkeun/Ngagunakeun
hate dina nganyahokeun pirang2 hakekatna hiji perkara, pikeun ngahasilkeun
tujuan. janten tapakur lain ngalamun, tapi ngahudangkeun rasa rumasa, yen
sakabeh anu didamel ku Allah teh lain hal kosong jeung gapong, tapi kabeh
ngandung maksud, estu taya jinis anu mubadir, taya bahan anu teu guna, tapi
kabeh mawa faidah, sarta kabeh sayagian pikeun manusa.Seueur pelajaran anu ku
urang tiasa dipetik diantawisna : 1. Kasauran Hasan Bisri:
تَفَكُّرُ
سَاعَةٍ خُيْرٌ مِنْ قِيَامِ لَيْلَةٍ
2. Kasauran
Fudel Al-Hasan اَلْفِكْرَةُ
مِرْآةٌ تُرِيْكَ حَسَنَاتِكَ وَسَيِّئَاتِكَ
اَلْفِكْرَةُ
سِرَاجُ الْقَلْبِ فَاِذَا ذَهَبَتْ فَلاَ اِضَاءَةَ لَهُ
Kasauran
Kanjeng Rosul تَفَكَّرُوْا فِى خَلْقِ اللهِ وَلاَ
تَتَفَكَّرُوا فِى ذَاتِ اللهِ
قال جمهور
العلماء اِن التفكرَ على خمسةِ اوجُه
1. اِما فى
آيات الله وَيَلْزَمُهُ التَّوَجُّهُ اِلَيْهِ وَالْيَقِيْنُ بِهِ
Allah swt.
ngadawug dina surat Yunus ayat 101:
وثَمْرَتُهُ
السُّكُوْنُ اِلَى وَعْدِ اللهِ وَالثِّقَةُ بِضَمَانِ اللهِ وَتَرْكُ مَايُسْغِلُ
عَنِ اللهِ وَالرُّجُوْعُ فِى كُلِّ حَالٍ اِلَى اللهِ وَاسْتِفْرَاغُ الطَّاقَةِ
فِى ابْتِغَاءِ مَرْضَاتِ اللهِ
2.
اَوْ فِى نِعْمَةِ اللهِ وَيَتَوَلَّدُ عَنْهُ الْمَحَبَّةُ
Allah swt.
ngadawug dina surat Al-A’raf ayat 73 :
فَاذْكُرُوْا
آلاَءَ اللهِ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ
وثَمْرَتُهُ
اِمْتِلاَءُ الْقَلْبِ بِمَحَبَّةِ اللهِ وَالإِشْتِغَالُ بِشُكْرِهِ بَاطِنًا وَظَاهِرًا
كَمَا يُحِبُّهُ وَيَرْضَاهُ
3.
اَوْ فِى وَعْدِ اللهِ وَيَتَوَلَّدُ عَنْهُ الرَّغْبَةُ
Allah swt.
ngadawug dina surat Ali Imran ayat 190-191 :
مَنْ عَمِلَ
صَالِحًا مِنْ ذَكَرٍ اَوْ اُنْثَى وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَلَنُحْيِيَنَّهُ حَيَاةً
طَيِّبَةً وَلَنَجْزِيَّهُمْ اَجْرَهُمْ بِاَحْسَنِ مَاكَانُوْا يَعْمَلُوْنَ
وثَمْرَتُهُ
مَحَبَّةُ السُّعَدَاءِ وَحَمْلُ النَّفْسِ عَلَى الْعَمَلِ
4.
اَوْ فِى وَعِيْدِ اللهِ وَيَتَوَلَّدُ عَنْهُ الرَّهْبَةُ
Allah swt.
ngadawug dina surat Toha ayat 124 :
مَنْ
اَعْرَضَ عَنْ ذِكْرِى فَاِنَّ لَهُ مَعَيْشَةً ضَنْكًا وَنَحْشُرُهُ يَوْمَ
الْقِيَامَةِ اَعْمَى
5.
اَوْ فِى تَقْصِيْرِ النَّفْسِ عَنِ الطَّاعَةِ وَيَتَوَلَّدُ عَنْهُ الْحَيَاءُ
قَالَ
اَحْمَدُ بْنِ عَطَاءِ اللهِ مِنْ عَلاَمَاتِ مَوْتِ الْقَلْبِ عَدَمُ الْحُزْنِ
عَلَى مَافَاتَكَ مِنَ الطَّاعَاتِ وَتَرْكُ النَّدَمِ عَلَى مَا فَعَلْتَهُ مِنْ
وُجُوْدِ الزَّلاَّتِ
Hadirin
Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ngalangkungan
khutbah awal ieu, mudah-mudahan, urang sadayana kalebet golongan jalmi-jalmi
ahli fikir jeung tafakur anu mawa kana kataqwaan, nambah kana kuatna iman sarta
tambah kandelna tauhid. Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin.
بَارَكَ
اللهُ لِيْ وَلَكُمْ بِاْالآيَاتِ وَالذِّّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّى
وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَقُلْ رَبِّّ
اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ. ….
اَلْحَمْدُ
للهِ الَّذِى تَفَرَّدَ بِالْعِزِّ وَالْجَلاَلِ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى
مُنْقِدِ مِنَ الضَّلاَلِ وَعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ خَيْرِ آلٍ. ( اَمَّا
بَعْدُ ) فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ
فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ : اِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ
عَلَى النَّبِىّ يَااَيُّهَا الَّذِيْنَ آَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا
تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَيْهِ اَمِيْن يَااَللهُ
يَامُجِيْبَ السَّائِلِيْنَ: اَللهمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ مُوْجِبَاتِ رَحْمَتِكَ
وَعَزَائِمَ مَغْفِرَتِكَ، وَالسَّلاَمَةَ مِنْ كُلِّ إِثْمٍ، وَالْغَنِيْمَةَ
مِنْ كُلِّ بِرٍّ وَالْفَوْزَ بِالْجَنَّةِ وَالنَّجَاةَ مِنَ النَّارِ.اللهم
إَنَّا نَعُوْذُ بِكَ مِنَ الْهَمِّ وَالْحُزْنِ، وَنَعُوْذُ بِكَ مِنَ الْعَجْزِ
وَالْكَسَلِ وَنَعُوْذُ بِكَ مِنَ الْجُبْنِ وَالْبُخْلِ وَالْفَشَلِ وَمِنْ غَلَبَةِ
الدَّيْنِ وَقَهْرِ الرِّجَالِ. اَللهم إِنَّا نَعُوْذُ بِكَ مِنْ جَهْدِ
الْبَلاَءِ، وَدَرْكِ الشَّقَاءِ، وَسُوءْ الْقَضَاءِ، وَشَمَاتَةِ
اْلاَعْدَاءِ. رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآَخِرَةِ
حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّار. وَالْحَمْدُ لِلّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
عِبَادَ
اللهِ اِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَاِيْتَاءِ ذِى
الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْىِ يَعِظُكُمْ
لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ.فَاذْكُرُوْا اللهَ يَذْكُرْكُمْ وَاسْأَلُوْهُ مِنْ
فَضْلِهِ يُعْطِكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرُ. اَسْتَغْفِرُ اللهَ لِى وَلَكُمْ
وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ
Sifatan
Jalma-Jalma Taqwa
السلام عليكم
………. الخ
اَلْحَمْدُ
للهِ الَّذِى وَفَّقَنَا لأَدَاءِ اَفْضَلِ الْعِبَادَاتِ وَاَوْقَفَنَا عَلَى كَيْفِيَةِ
اكْتِسَابِ اَكْمَلِ السَّعَادَاتِ. اَشْهَدُ اَنْ لاَاِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ
لاَ شَرِيْكَ لَهُ رَبُّ اْلأَرْضِيْنَ وَالسَّمَاوَاتِ وَاَشْهَدُ اَنَّ
سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَلْمُؤَيَّدُ بِأَفْضَلِ اْلآيَاتِ
وَالْمُعْجِزَاتِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَعَلَى آَلِهِ وَاَصْحَابِهِ بِحَسَبِ
تَعَاقُبِ اْلأَوْقَاتِ وَالسَّاعَاتِ.( اَمَّا بَعْدُ ) فَيَا اَيُّهَا
الْحَاضِرُوْنَ. اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ عَلَى مَمَرِّ الدُّهُوْرِ
وَاْلأَوْقَاتِ. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ
الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ :اِنَّ الْمُتَّقِيْنَ فِى جَنَّاتٍ وَعُيُوْنٍ آخِذِيْنَ
مَاآتَاهُوْ رَبُّهُمْ اِنَّهُمْ كَانُوْا قَبْلَ ذَالِكَ مُحْسِنِيْنَ كَانُوْا
قَلِيْلاً مِنَ اللَّيْلِ مَا يَهْجَعُوْنَ. وَبِاْلأَسْحَارِ هُمْ يَسْتَغْفِرُوْنَ.
وَفِى اَمْوَالِهِمْ حَقٌّ لِلسَّائِلِ وَالْمَحْرُوْمِ
Hadirin
Sidang Jum’at Rahimakumullah. Ngalangkungan khutbah awal anu kalawan ringkeus
ieu
Ari sadaya
puji eta tetep kagungan Allah swt, anu parantos mafarin taufek kaurang sadaya
piken ngalakonan kana pangutamina pirang-pirang ibadah, sareng merenahkeun ka
urang sadaya kana tata cara usaha anu pangsampurna-sampurna kabagjaan. Sim abdi
nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak disembah anging gusti
Allah, bari sahiji Dzatna teu aya anu ngarencangan kamanteNa anu ngurus
pirang-pirang bumi sareng pirang-pirang langit, sareng sim abdi nyaksian kana
yen saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hambana Allah sareng RasulNa anu
dikuatan kalawan pirang-pirang ayat sareng pirang-pirang mu’jizat. Mugia Allah
maparin rahmat ka kanjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawargina para sahabatna
kalawan ngitung-ngitung gunta-gantina pirang2 waktu sareng pirang-pirang saat.
Saparantosna
ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw.
kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna
kanggo hadirin sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami
ningkatkeun kana kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal
kabahagiaan dunia sareng akherat.
Tina sapalih
ajaran taqwa Allah swt nguningakeun sabagian sifat-sifat jalmi takwa anu
kaunggel dina surat ad-dariyat ayat 15-19.
Hartosna :
saestuna jalma2 taqwa eta aya dina pirang2 patamanan surga sareng pirang2
sumber cai. Bari maranehna nyokot kani’matan anu dipaparinkeun ku pangerana,
saenyana maranehna dina samemeh eta nyaeta dialam dunia kaasup jalma-jalma anu
nyieun kahadean. nyaeta nyaetikeun kana sare dina waktu peuting, sareng dina
waktu tungtung peting maranehna menta pangampura sareng dina harta-hartana aya
hak jalma miskin anu menta sareng jalma miskin anu teu menang bagian.
Hadirin
Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ari Jalma2
taqwa dina poe kiamah bakal nempatan taman-taman surga sareng pirang2 mata air,
kumaha kaayanana :
آخِذِيْنَ
مَاآتاهُمْ رَبُّهُمْ اى مِنَ النَّعِيْمِ وَالسُّرُوْرِ والْغِبْطَةِ
Jalma taqwa
kenging anugrah nempatan taman2 surga sabab maranehna di alam duniana nyaeta
tukang nyieun kahadean, diantara kahadeana :
1.
Nyaetikeun sare dina waktu peting كَانُوْا قَلِيْلاً مِنَ اللَّيْلِ
مَا يَهْجَعُوْنَ
اى كانوا ينامون قليلا من الليل
ويصلون اكثَره اِنَّ رسولَ الله قال اِن فى الجنة غُرَفًا يُرَى ظَاهِرُهَا مِن
بَاطِنِهَا وَبَاطِنُهَا من ظَاهِرِهَا فقال ابو موسى الأشعرى رضى الله عنه لمَنْ
هى يارسُولَ اللهِ ؟ قال لمن ألانَ الكلاَمَ واطعم الطعام وبات لله قائما والناس
نيام
2.
Istigfar /menta pangampura dina waktu janari وَبِاْلأَسْحَارِ هُمْ
يَسْتَغْفِرُوْنَ
اى يصلون
بالأسحار لطلب المغفرة قَال النبى : ان اللهَ يَنزِلُ كُلَّ ليلةٍ الى السماء
الدُّنْيَا حتى يَبْقَى ثُلُثُ الليل الأخير فيقول هل من تائب فاتوبَ عليه هل من
مستغفرٍ فَاغفِرَ له هل من سائل فيُعْطى سُؤْلُهُ ؟ حتى يطلُعَ الفجر
3.
Mikeun hak hartana pikeun jalma miskin وَفِى اَمْوَالِهِمْ حَقٌّ
لِلسَّائِلِ وَالْمَحْرُوْمِ
السائل :قال
الامام احمد: هو الذى يبتدئ بالسؤال وله حق. قال النبى للسائل حق وان جاء على فرس
المحروم
: قال ابن جرير : هُوَ الذى لاَمال له بأى سبب كان وقد ذهب ماله سواء كان
لايقدر على الكسب او قد هلك ماله بآفة او نحوِها
Hadirin
Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ngalangkungan
khutbah awal ieu, mudah-mudahan, urang sadayana kalebet golongan jalmi-jalmi
anu taqwa ka Allah swt. Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin.
بَارَكَ
اللهُ لِيْ وَلَكُمْ بِاْالآيَاتَاتِ وَالذِّّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّ
وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَقُلْ رَبِّّ
اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ. ….
اَلْحَمْدُ
للهِ الَّذِى تَفَرَّدَ بِالْعِزِّ وَالْجَلاَلِ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى
مُنْقِدِ مِنَ الضَّلاَلِ وَعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ خَيْرِ آلٍ. ( اَمَّا
بَعْدُ ) فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ
فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ : اِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ
عَلَى النَّبِىّ يَااَيُّهَا الَّذِيْنَ آَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا
تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَيْهِ اَمِيْن يَااَللهُ
يَامُجِيْبَ السَّائِلِيْنَ: اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُوْمِنَاتِ
وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ
وَاْلأَمْوَاتِ رَبَّنَا لاَ تُؤَاخِذْنَا إِنْ نَسِيْنَا أَوْ
أَخْطَأْنَا رَبَّنَا وَلاَ تَحْمِلْ عَلَيْنَا اِصْرًا كَمَا حَمَلْتَهُ عَلَى
الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِنَا رَبَّنَا وَلاَ تُحَمِّلْنَا مَا لاَ طَاقَةَ لَنَا
بِهِ وَاعْفُ عَنَّا وَاغْفِرْ لَنَا وَارْحَمْنَا أَنْتَ مَوْلاَنَا فَانْصُرْنَا
عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِيْنَ رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً
وَفِى اْلآَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّار. وَالْحَمْدُ لِلّهِ رَبِّ
الْعَالَمِيْنَ
عِبَادَ اللهِ اِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ
وَاْلإِحْسَانِ وَاِيْتَاءِ ذِى الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ
وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْىِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ.فَاذْكُرُوْا
اللهَ يَذْكُرْكُمْ وَاسْأَلُوْهُ مِنْ فَضْلِهِ يُعْطِكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ
اَكْبَرُ. اَسْتَغْفِرُ اللهَ لِى وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ
Ujian Jeung Cobaan Hirup
السلام عليكم
………. الخ
اَلْحَمْدُ
للهِ الَّذِى خَلَقَ فَسَوَّى وَالَّذِى قَدَّرَ فَهَدَى. اَشْهَدُ اَنْ لاَاِلهَ
اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَهُوَ يَعْلَمُ الْجَهْرَ وَمَا يَخْفَى
وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيَّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ خَاتَمَ
اْلأَنْبِيَاء ( اَمَّا بَعْدُ ) فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اِتَّقُوْا اللهَ
حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. اَعُوْذُ
بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ :
زُيِّنَ لِلنَّاسِ حُبُّ الشَّهْوَاتِ مِنَ النِّسَاءِ وَالْبَنِيْنَ
وَالْقَنَاطِرِ الْمُقَنْطَرَةِ…….الخ
Hadirin
Sidang Jum’at Rahimakumullah. Ngalangkungan khutbah awal anu kalawan ringkeus
ieu
Ari sadaya
puji eta tetep kagungan Allah swt, anu parantos ngayugakeun sarta anu
nyampurnakeun sareng anu nangtukeun sarta anu maparin pituduh. Sim abdi
nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak disembah anging gusti
Allah, bari sahiji Dzatna teu aya anu ngarencangan kamanteNa anu terang kana
perkara anu nemrak sareng perkara anu nymput, sareng sim abdi nyaksian kana yen
saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hambana Allah sareng RasulNa anu
janten panungtung para Nabi.
Saparantosna
ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw.
kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna
kanggo hadirin sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami
ningkatkeun kana kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal
kabahagiaan dunia sareng akherat.
Tina sapalih
ajaran taqwa urang kedah uninga yen hirup didunya ien pituh ku rupa2 ujian
jeung percobaan anu teu putus2 sareng teu aya lirena, moal aya anu salamet dina
enggoning nempuh eta ujian sareng percobaan salian ti jalmi2 anu teguh iman
sareng sampurna taqwana ka Allah swt. Diantawis cobian Allah swt diuningakeun
dina surat Ali Imran ayat 14 : ……
Geus
dipapaesan jalma2 teh ku mikacinta kasenangan nafsu, nyaeta awewe, anak incu,
emas perak anu lobana mangpikul-pikul, kuda tunggang nu pinilih, sato ingon2,
sawah jeung kebon. Nya kitu papaes dunya teh tapi di allah mah aya tempat
mulang anu langkung hade
Hadirin siding
jum’ah rahimakullah
Nilik sareng
ngagantung kana ayat tadi ternyata ujian allah ka
hambana aya 6
Ujian anu
kahiji : ujian anu nyangkut sareng urusan istri. Naon margina Allah nguji ku urusan istri. Sabab istri kasauran Ahmad
Mustopa Al-Maragi
هُنَّ مَوْضِعُ
الرَّغْبَةِ وَمَطْمَحُ اْلأَنْظَارِ
Ari istri
janten obyek kasenangan sareng tempatna kaindahan, kusabab istri hampir sakabeh
budi, tingkah laku, laga jeung aksi,lengkah jeung gaya cara ngomong jeng make
pakean dipengaruhan ku rasa hayang hirup anu untung bari nyingkirkeun wanoja
anu jadi panyilekanana
Dina ujian
sarupa ieu loba pisan anu ragrag jalma2 anu lemah imana, anjena lali kana
tuntunan ti pangerana, tur teu sadar kana harga dirina akhirna ngalajur nafsu,
ngotoran namina anu hade, jeung kahormatan ibu ramana sareng keluawargina,
ragrag kana jurang dosa, kahinaan jeung kabinasaan anu teu bisa ditebus ku
harta benda. Malah teu saetik kajadian hiji jalma anu kacida taatna ka
allah sanggesna rimbitan jadi pindah pilempangan sanes taat ka allah tapi
sami’na waato’na kana kahoyong bojona anu dipikacinta tea. Kacintaan jeng
kataatan ka gusti allah ti leletik the ges dituker tur robah haluan, ges
banting setir ku kacintaan anu kalelewihi ka istrina, eta jalma the tiwas
nyangharepan atawa ngaliwatan ujian jeng percobaan.
Ujian anu
kadua : ujian anu nyangkut sareng urusan anak.
Pikeun anu
teguh imana, anu sampurna taqwana ka allah kacintaan ka anak the geus mawa kana
kabagjaan hirup kulantaran ngabogaan turunan. Tapi piken anu lemah imana jeng
teu sampurna taqwana. kacintaan ka anak teh matak jadi sabab kanu jadi anakna,
teu aya tali hubungan jeng pangerana sahingga sapanjang hirupna si anak teu
bisa ngarasakeun kabagjaan hirup ngabogaan pangeran anu timbul lantaran
perbuatan lengen bapana. Si bapa anu sarupa kieu geus jadi sabab anu mutuskeun
tali hubungan antara anak jeung pangerana. Galib satiap jalma
وَحُبُّ
الْبَنِيْنِ اَقْوَى مِنْ حُبِّ الْبَنَاتِ لأَسْبَابٍ كَثِيْرَةٍ مِنْهَا :
-
أَنَّهُمْ عَمُوْدُ النَّسَبِ الذى به تَتَّصِلُ سِلْسِلَةُ النَّسْلِ
Anak lalaki
mangrupakeun tulang punggung katurunan anu aya kaitana sareng dirina.
-
أَمَلُ
الْوَالِدِ فِى كَفَالَتِهِمْ لَهُ حِيْنَ الْحَاجَةِ اِلَيْهِ لِضَعْفٍ اَوْ
كِبَرٍ
Harepan anu
jadi kolot ka anak lalaki supaya bisa ngabantu dina nalika geus rempo jeng
pikun
-
اَنَّهُ
يُرْجَى بِهِمْ مِنَ الشَّرَفِ مَالاَيُرْجَى مِنَ اْلإِنَاثِ
Ti anak
lalaki diharepkeun bisa mawa kamulian anu teu bisa ku anak awewe, seperti penguasaan
suatu disiplin ilmu, pagawean, kapamimpinan dst,
-
الشُّعُوْرُ
بِأَنَّ اْلأُنْثَى حِيْنَ الْكِبَرِ تَنْفَصِلُ مِنْ عَشِيْرَتِهَا وَتَتَّصِلُ
بِعَشِيْرَةٍ اَخْرَى
Aya perasaan
anu jadi kolotna bahwa anak awewe lamun geus gede bakal pisah jeung anu jadi
kolotna jeng kumpul sareng keluarga lain.
Sadiron
siding jum’ah……….
Ujian anu
katilu : ujian anu nyangkut sareng urusan harta
Aya jalma
anu ngarasa teu aya anu lewih penting jeung lewih utama dina jero hirupna,
salian ti harta kakayaan, pikeun dirina teu berat papisah jeng anak pamajikan,
baraya jeung sahabat, malah pisah jeung agama oge pikeun numpuk2 kakayaan.
Mikacinta kana harta memang geus jadi fitrah anu geus ngadarah daging pikeun
satian insane. Rahasiahna Sabab harta mangrupakeun sarana pikeun ngahasilkeun
sagala maksud, sarana pikeun menangkeun kalezatan jeng jadi pamuas nafsu
syahwat. Dimana harta tos loba maka kahayang tumpuk2 harta semakin bertambah
sahingga manehna poho yen harta teh mung saukur sarana lain tujuan.
لَوْ كَانَ
لاِبْنِ آدَمَ وَادِيَانِ مِنْ ذَهَبٍ لَتَمَنَّى اَنْ يَكُوْنَ لَهُمَا ثَالِثٌ
وَلاَ يَمْلأُ جَوْفَ ابْنَ آدَمَ اِلاَّ التُّرَابُ وَيَتُوْبُ اللهُ عَلَى مَنْ
تَابَ
Ujian anu
kaopat : ujian anu nyangkut sareng urusan kuda piaraan anu pinilih (ayena mah
mobil sedan mersedes)anu jadi
kamegahan sareng bisa dijadikeun tutumpakan, ujian anu sarupa kieu sering mawa
manusa poho nu teu aya hinggana, poho kawajiban kaanak istrina, poho kana
kawajiban ka Allah, poho kana agamana, sabab hatena geus katalian kacangred
pageh ku eta kandaraan tea.
Ujian anu
kalimi kagenepna : ujian anu nyangkut sareng urusan sato ingon2jeng tatanen boh ngingu sapi, munding anu bisa
ngahasilkeun kakayaan anu lain lumayan, malah urusan pertanian anu mangrupa
tanah, sawah, kebon sareng anu sanesna
Hadirin
siding jum’at
Ieu
sadayana, wanita, harta, tahta sarta sejena deui mangrupa ujian pikeun nyaring,
saha anu bisa nahan diri, tetep dina bakti ka Allah, teu katipu, teu
kapangaruhan ku rupa2 ujian tadi, jeng saha anu lemah imana, ragu2 jeng mundur
maju dina kayakinana, anu ahirna sasar tina jalan allah anu sabenerna. Ku
lantaran eta, dina sagala gawe dina nyangharepan sagala perkara, urang kudu
sapapanjangna inget, yen urang salaku jalma islam, ngabogaan tujuan anu pokok,
nyaeta ngabakti ka Allah kalawan harti anu saluas-luasna.
Mudah-mudahan
ngalangkungan khutbah awal ieu Allah neguhkeun iman urang dina nyangharepan
sagala ujian hirup, jeng tetep hirup dina pimpinan Allah buat nuju kana
kasalametan dunya jeng akherat. Amin ya rabbal alamin.
بَارَكَ
اللهُ لِيْ وَلَكُمْ بِاْالآيَاتِ وَالذِّّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّى
وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَقُلْ رَبِّّ
اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ. ….
اَلْحَمْدُ
للهِ الَّذِى تَفَرَّدَ بِالْعِزِّ وَالْجَلاَلِ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى
مُنْقِدِ مِنَ الضَّلاَلِ وَعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ خَيْرِ آلٍ. ( اَمَّا
بَعْدُ ) فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ
فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ : اِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ
عَلَى النَّبِىّ يَااَيُّهَا الَّذِيْنَ آَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا
تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَيْهِ اَمِيْن يَااَللهُ
يَارَب العالمين: اَللهمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ مُوْجِبَاتِ رَحْمَتِكَ وَعَزَائِمَ
مَغْفِرَتِكَ، وَالسَّلاَمَةَ مِنْ كُلِّ إِثْمٍ، وَالْغَنِيْمَةَ مِنْ كُلِّ
بِرٍّ وَالْفَوْزَ بِالْجَنَّةِ وَالنَّجَاةَ مِنَ النَّارِ.اللهم إَنَّا نَعُوْذُ
بِكَ مِنَ الْهَمِّ وَالْحُزْنِ، وَنَعُوْذُ بِكَ مِنَ الْعَجْزِ وَالْكَسَلِ
وَنَعُوْذُ بِكَ مِنَ الْجُبْنِ وَالْبُخْلِ وَالْفَشَلِ وَمِنْ غَلَبَةِ
الدَّيْنِ وَقَهْرِ الرِّجَالِ. اَللهم إِنَّا نَعُوْذُ بِكَ مِنْ جَهْدِ
الْبَلاَءِ، وَدَرْكِ الشَّقَاءِ، وَسُوءْ الْقَضَاءِ، وَشَمَاتَةِ اْلاَعْدَاءِ. رَبَّنَا
آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ
النَّار. وَالْحَمْدُ لِلّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
عِبَادَ اللهِ اِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ
وَاْلإِحْسَانِ وَاِيْتَاءِ ذِى الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ
وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْىِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ.فَاذْكُرُوْا
اللهَ يَذْكُرْكُمْ وَاسْأَلُوْهُ مِنْ فَضْلِهِ يُعْطِكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ
اَكْبَرُ. اَسْتَغْفِرُ اللهَ لِى وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ
Hakekat Puasa
السلام عليكم
ورحمة الله وبركاته
اَلْحَمْدُ
للهِ الَّذِى كَتَبَ عَلَيْنَا الصِّيَامَ. اَشْهَدُ اَنْ لاَاِلهَ اِلاَّ اللهُ
ذُوْا الْفَضْلِ وَالنِّعَامِ وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
صَاحِبُ الْكَرَامَةِ عَلَى التَّمَامِ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى
خَيْرِ اْلأَنَامِ. وَعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ الْكِرَامِ.( اَمَّا بَعْدُ )
فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ عَلَى مَمَرِّ
الدُّهُوْرِ وَاْلأَيَّامِ. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ : يَااَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا كُتِبَ
عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ
تَتَّقُوْنَ.
Hadirin
Sidang Jum’at Rahimakumullah. Ngalangkungan khutbah awal anu kalawan ringkeus
ieu
Ari sadaya
puji eta tetep kagungan Allah swt, anu parantos ngawajibkeun ka urang sadayana
kana ngalakonan ibadah saum, Sim abdi nyaksian kana yen saestuna teu aya deui
pangeran anu hak disembah anging gusti Allah, anu ngagaduhan kautamian sareng
pirang-pirang kani’matan, sareng sim abdi nyaksian kana yen saestunya kanjeng
Nabi Muhammad saw. eta hambana Allah sareng RasulNa anu ngagaduhan karamah anu
sampurna. Shalawat miwah salam eta pamugi tetep ka pangsae-saena makhluk
buktosna kangjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawarginya sareng sahabatna anu
marulia.
Saparantosna
ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw.
kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna
kanggo hadirin sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami
ningkatkeun kana kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal
kabahagiaan dunia sareng akherat.
Tina sapalih
ajaran taqwa nyaeta ngalakonan ibadah saum, sakumaha anu tos ka unggel dina
Al-Qur’an surat Al-Bakarah ayat 183.
Hai jalma-jalma
anu ariman tos diwajibkeun kaaranjen sadaya kana ngalakonan ibadah saum
sakumaha tos diwajibkeun ka umat-umat sateacana aranjen, supaya aranjen jadi
jalma-jalma anu taqwa.
Alhamdulillah
dina jum’at ieu urang sadaya parantos nincak kana tahapan kadua tina tilu
tahapan sasih ramadlan nyaeta 10 anu awal tahapan rahmat, pamudah-mudahan saum
anu parantos kalangkung diwuwuh ku rahmat Allah swt. 10 anu kadua nyaeta
tahapan magfirah (ampunan) anu kuurang nuju dilakonan sareng tahapan anu katilu
nyaeta tahapan Itqun minanar mudah-mudahan 10 terakhir eta tiasa
kasorang kuurang sadaya.
Mangga dina
tahapan kadua ieu, urang sadayana berlomba-lomba ngengingkeun magfirah Allah
swt. Kujalan ngalakonan amal-amal soleh, sabab dina sasih ramadon teu aya amal
anu mubadir. Hartosna satiap amal anu dilakonan ku jalmi anu puasa bakal
dilipat gandakeun ku Allah swt.
قال النبى :
نوم الصائم عبادة وصمته تسبيح وعمله مضاعف ودعاؤه مستجاب ودنبه مغفور.
كل حسنة بعشر
امثالها الى سبعمائة ضعف الا الصيام فانه لى وانا اجزى به
Diantawis amal
soleh anu kautamianana langkung ageng dina sasih ramadon nyaeta :
1. Ashadakotu
(shadakah)
Sadakoh dina
sasih ramadlan langkung utami tinimbang sasih-sasih anu sanesna, kasauran
kanjeng Rasul
اَفْضَلُ الصَّدَقَةِ صَدَقَةٌ فِى
رَمَضَانَ
Ari pang
utami-utamina sadakoh nyaeta sodakoh dina sasih ramadon.
Masihan
tuangen kajalmi anu nuju saum bakal ngengingkeun magfirah Allah swt.
ngalangkungan para malaikatna, kasauran kanjeng Rasul :
مَنْ فَطَّرَ
صَائِمًا عَلَى طَعَامٍ اَوْ شَرَابٍ مِنْ حَلاَلٍ صَلَّتْ عَلَيْهِ
الْمَلاَئِكَةُ فِى سَاعَاتِ شَهْرِ رَمَضَانَ وَصَلَّى عَلَيْهِ جِبْرِيْلُ
لَيْلَةَ الْقَدْرِ
Saha wae
jalmi anu masihan kajalmi anu saum, tina tuangeun atanapi leueuteun anu halal,
maka para malaikat mangnyuhunkeun pangampunteun kagusti Allah pikeun eta jalmi
dina saat-saat ramadlon (detikna, menitna, atanapi jamna), sareng malaikat
Jibril nyuhunkeun pangampunteun pikeun eta jalmi dina wengian lailatul qodr.
Subhanallah
2. Qiamul
lail nyaeta gugah wengi kanggo ibadah ka Allah swt. pami urang ninggal kana
amal kanjeng Rosullul saw. dina wengi ramadlan, Mantena selalu qiamulail,
bahkan pami 10 wengi terakhir, Mantena sok ngagugahkeun kulawargi sareng
shahabat-shahabatna kanggo ibadah ka Allah swt. jalmi anu ibadah dina wengian
ramadlan dihapunteun tina sadaya dosa-dosa anu tos kalangkung. Rosulullah saw.
ngadawuh :
مَنْ قَامَ رَمَضَانَ اِيْمَانًا
وَاحْتِسَابًا غُفِرَ لَهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْبِهِ
Saha wae
jalmi anu gugah wengi dina sasih ramadlan bari iman sarta ikhlas karena Allah,
maka bakal dihapunteun tina dosa anu tos kalangkung.
3. Qira’atul
Qur’an (maos Al-Qur’an)
Ngaos
Al-Qur’an dina sasih ramadlan langkung utami tinimbang sasih-sasih sanesna
margi Al-Qur’an dilungsurkeuna dina sasih ramadlah, kanjeng Rosul nyeerkeun
maos Al-Qur’an dina sasih ramadlan bahkan malaikat Jibril maoskeun Al-Qur’an
kanggo kanjeng Rasul dina sasih ramadlan, mangga urang sami-sami manfaatkeun
waktos anu luang ieu ku aosan Al-Qur’an, margi Al-Qur’an tiasa nyafaatan kasaha
bae anu maosna, Pidawuh Rosulullah saw. :
اَلصِّيَامُ
وَالْقِيَامُ يَشْفَعَانِ لِلْعَبْدِ يَوْمَ الْقِيَامَةِ يَقُوْلُ الصَّوْمُ
رَبِّ مَنَعْتُهُ الطَّعَامَ وَالشَّرَابَ بِالنَّهَارِ. وَيَقُوْلُ الْقُرْآنُ
رَبِّ مَنَعْتُهُ النَّوْمَ بِاللَّيْلِ فَشَفِّعْنَا بِهِ
Saum sareng
gugah wengi eta bakal nyafaatan dua-duana ka hiji hamba dina dintenan qiamat,
saum nyarios : “ duh pangeran abdi, abdi tos nyegah kaeta hamba kana tuang
sareng leueut dina waktos siang. Qur’an nyarios : “ duh pangeran abdi, abdi tos
nyegah tidur dina waktos wengi, pamugi gusti mafarin abdi sadaya tiasa
nyafaatan ka anjena”.
4. Al-I’tikaf, nyaeta : مُلاَزَمَةُ
الْمَسْجِدِ لِلْعِبَادَةِ تَقَرُّبًا اِلَى اللهِ عَزَّوَجَلَّtetepna calik dimasjid kanggo ibadah karena
arah-arah taqarrub ka Allah swt. terutami dina 10 terakhir sasih ramadlan margi
Rasulullah saw teu liren-liren I’tikap dina 10 terakhir sasih ramadlan dugi
kapupusna
فَقَدِ
اعْتَكَفَ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَلَمْ يَزَلْ يَعْتَكِفُ الْعَشْرَ
اْلأَوَاخِرَ مِنْ رَمَضَانَ حَتَّى تَوَفَّاهُ اللهُ تَعَالَى
Nyata
Rasulullah saw. I’tikaf sareng mantena teu liren-liren dina 10 terakhir sasih
ramadon dugi kapupusna.
5. Al-I’timar
(umrah)
Pidawuh
Rosulullah saw. :
عُمْرَةٌ فِى رَمَضَانَ تَعْدِلُ
حِجَّةً مَعِى
Ari umrah
dina sasih Ramadan eta ngabandingan kana haji sarta kaula
Hadirin
Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ngalangkungan
khutbah awal ieu, mudah-mudahan, urang sadayana tambih-tambih motivasi
(kasengsrem) dina ngalakonan amal-amal soleh sareng mudah-mudahan Allah swt
maparin kakiatan kaurang sadaya. Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin.
بَارَكَ
اللهُ لِيْ وَلَكُمْ بِاْالآيَاتَاتِ وَالذِّّكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّ
وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ وَقُلْ رَبِّّ
اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ. ….
اَلْحَمْدُ
للهِ الَّذِى تَفَرَّدَ بِالْعِزِّ وَالْجَلاَلِ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى
مُنْقِدِ مِنَ الضَّلاَلِ وَعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ خَيْرِ آلٍ. ( اَمَّا
بَعْدُ ) فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ
فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ : اِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ
عَلَى النَّبِىّ يَااَيُّهَا الَّذِيْنَ آَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا
تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَيْهِ اَمِيْن يَااَللهُ
يَامُجِيْبَ السَّائِلِيْنَ: اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُوْمِنَاتِ
وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ
اللهُمَّ اجْعَلْنَا مِنَ السُّعَدَاءِ الْمَقْبُوْلِيْنَ وَلاَ تَجْعَلْنَا مِنَ
اْلأَشْقِيَاءِ الْمَرْدُوْدِيْنَ. رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى
اْلآَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّار. وَالْحَمْدُ لِلّهِ رَبِّ
الْعَالَمِيْنَ
عِبَادَ
اللهِ اِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَاِيْتَاءِ ذِى
الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْىِ يَعِظُكُمْ
لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ.فَاذْكُرُوْا اللهَ يَذْكُرْكُمْ وَاسْأَلُوْهُ مِنْ
فَضْلِهِ يُعْطِكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرُ. اَسْتَغْفِرُ اللهَ لِى وَلَكُمْ
وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ
Tidak ada komentar:
Posting Komentar